Jumat, 15 Januari 2010

LAPORAN PERTANGGUNGJAWABAN PENGURUS TAHUN 2009

LAPORAN PERTANGGUNGJAWABAN

PAGUYUBAN PAMITRAN WARGA RT.02/RW.IV DSN. TENJOLAYA DS. SUKAGALIH

KEC. SUMEDANG SELATAN

TAHUN BUKU 2009

I. BUBUKA

Urang buka ku bismillah pamukaning sagala lampah, sabab urang teu daya teu upaya anging kersana Alloh Anu Maha Gagah.

Ucap lampah paripolah estu kudu merenah napak dina aturan Gusti Anu Maha Kawasa.

Sekar tandang pamiangan, ngudag anu dicita-cita, nyasar lengkah anu kedah dipilampah, malar kasalametan, kaberekahan, kajatnikaan bakal ginuluran ti Gusti Nu Maha Heman.

Binarung sujud syukur ka Gusti Nu Maha Agung, salam miwah kawilujengan mugia lungsur ka pangkonan Rosululloh Kangjeng Nabi Muhammad s.a.w, Nabi Sinelir, Nabi Ahir jaman.ka kulawargana miwah para sahabatna, kasadaya umatna kelebet ka urang sadayana dugi ka kiamat, Amin ya Robbal Alalamin.

Parantos janten kailaharan oge kawajiban hiji organisasi kedah ngadugikeun laporan pertanggungjawaban satiap akhir taun atanapi satiap rengse dina ngalaksanakeun pancen gawena, ku kituta Pangurus Paguyuban Pamitra Warga RT. 02/RW. IV ngaraos tanggel waler dina masalah ngokolakeun kaorganisasian ieu, nya Alhamdulillah tiasa ngadugikeun Laporan Paertanggungjawaban Paguyuban Pamitran Warga RT. 02/RW.IV Taun Buku 2009 kalayan tepat waktos.

Mudah-mudahan ku ayana tiap taun ngayakeun pelaporan pertanggungjawaban ieu ngajantenkeun kapercantenan ti masyarakat khususna ka Pangurus, tandaning organisasi teh ditata kalayan apik tur terbuka, teu aya nu disumput-sumput, sok komo juntrungna organisasi ieu teh ngokolakeun artos anu sumberna ti anggota, keur anggota oge ku anggota.

Peryogi kauninga lembaga nu nuju dirintis ku urang sadayana teh mangrupi hiji Lembaga Keungan Mikro (LKM) anu miboga kagiatan ngembangkeun usaha-usaha ekonomi produktif ku cara ngadorong masyarakat dina kagiatan nyimpen/nabung, oge ngabantu kagiatan ekonomi usaha anggota sareng masyarakat lingkungan.

Laporan Pertanggungjawaban nu didugikeun ieu mangrupi laporan taun ka-4, nya dina salami taun 2009 sacara umumna Alhamdulillah Pangurus tiasa ngalaksanakeun program sakumaha anu direncanakeun, sok sanaos masih keneh aya kakirangan-kakirangan, nya diantawisna teu acan tiasa nyumponan kaperyogian nu maksimal ka anggota jaleran masih minimna “Modal Kerja” nu nyampak di Paguyuban.

Pamugi bae kawajiban salaku Pangurus, dina ngalaksanakeun pangladen, pangwada bade ditanpa, atuh kritik moal ditampik, panyeukseuk moal dipiceun, tur panyepret oge bakal direret, hal ieu teh panginten kanggo kamajeungan urang sadayana.

II. LAPORAN KAGIATAN

Luyu sareng anu parantos diprogramkeun kanggo taun 2009, nyaeta dina widang:

1. Permodalan

2. Kagiatan kaorganisasian

3. Kagiatan Usaha

4. Kagiatan sosial

Alhamdulillah Pangurus parantos tiasa ngalaksanakeun, sok sanaos teu acan tiasa maksimal sareng nyugemakeun

1) Permodalan

Modal kerja nu parantos dihimpun salami taun 2009 nyaeta :

1. Simpanan Pokok Pamitran ……………………………………………………………Rp 820.000,00

2. Simpanan Sukarela Pamitran………………………………………………………..Rp 39.311.450,00

Jumlah Modal Kerja………………………………………………………………………Rp 40.131.450,00

(langkung jelas Simpanan nu dilaksanakeun di Paguyuban tiasa ditingal tina laporan keuangan tahun 2009) Terlampir.

2) Kaorganisasian

a. Kaanggotaan

Sakumaha kauninga anggota paguyuban sanes wungkul ti lingkungan RT. 02/RW.IV, oge ti luar lingkungan RT. 02/RW.IV, ku ayana hal eta kaanggotaan Paguyuban Pamitran dibagi dua aya Anggota Biasa sareng Anggota Luar Biasa.

- Jumlah Anggota Akhir taun 2008 …………………………………………….61 urang

- Jumlah Anggota akhir taun 2009 ……………………………………………..81 urang

- Tambihan anggota salami taun 2009 ……………………………………….20 urang

Tina 81 urang anggota 4 urang statusna teu aktip.

b. Kapangurusan

Kapangurusan periode taun 2009-2011

Ketua : Engkam Kamtu

Sekretaris : Kardiyat Rosihan

Bendahari : Rini Marini

Anggota Pembantu

Bidang Usaha : Erni Kusmayanti

Bidang Akuntansi : Siska Resmiyati

Bidang Kegiatan : Dadang

Pengawas periode taun 2008-2010

Ketua : Mas Erli Bahari

Anggota : Wiharsa

3) Kagiatan Usaha

a. Warung Paguyuban

Warung paguyuban ieu nyayogikeun kabutuhan pokok sareng kabutuhan skunder sanesna anu cara pembayaranna dicicil, bukana mung 3 jam mareng sareng bukana jam layanan paguyuban (Jum’at, Sabtu sareng Minggu). Hasil tina kagiatan ieu nyaeta :

Penjualan……………………………………………………………………………………………..Rp 5.689.300,00

Harga Pokok Penjualan

Persediaan Awal…………………………………….Rp -

Pembelian ……………………………………………..Rp 5.249.267,00

Jumlah Barang yang tersedia …………………Rp 5.249.267,00

Persediaan Akhir ……………………………………Rp 638.950,00

Harga Pokok Penjualan ……………………………………………………………………….Rp 4.610.300,00

Laba kotor dari Penjualan ……………………………………………………………………Rp 1.079.000,00

b. Pinjampek (Pinjaman Jangka Pendek)

-Sisa Piutang Pinjampek taun 2008…………………………………………………….Rp 10.236.100,00

-Pinjaman nu dikaluarkeun salami taun 2009…………………………………….Rp 39.480.000,00

-Jumlah Pinjaman salami taun 2009…………………………………………………..Rp 49.716.100,00

-Pinjaman anu parantos diuihkeun salami taun 2009………………………..Rp 28.152.750,00

-Sisa piutan Pinjampek akhir taun 2009……………………………………………..Rp 21.563.350,00

Sakumaha kauninga Pinjaman nu dipasihkeun teu dikenakeun Jasa, tapi saupamina bade dilangkungan nyanggakeun ka peminjam nya dilebetkeun kana Infak Pinjampek, Alhamdulillah Infak Pinjampek salami taun 2009 Rp 2.180.700,00

Atuh tina Infak Anggota Pamitran salami taun 2009 aya kempel Rp 910.200,00

c. Pelayanan Jasa Pembayaran Rek.Listrik

Jumlah nu di talangan dina kagiatan Pelayanan Penalangan Pembayaran Listrik sadayana aya 44 Rekening, satiap pelanggan dikenakan Biaya Admin Paguyuban ageungna Rp 2.500,00, atuh tina hasil kagiatan eta tos tiasa ngempelkeun hasilna Rp 991.100,00

Pendapatan sanesna nu tiasa dihimpun ku Paguyuban salami taun 2009 nyaeta UP RT.02 sadayana aya Rp 142.800,00

4) Kegiatan Sosial

1. Takjiah ka anu dikantunkeun (meninggal dunia)

2. Santunan Kanu teudamang

3. Ngalaksanakeun Kagiatan Hari Besar Agama Islam

4. Bantuan kagiatan RW IV Dsn. Tenjolaya

5. Zakat organisasi

6. Pembagian Kalender taun 2010

PANUTUP

Sakitu nu kapihatur, nu tiasa kasanggakeun laporan pertanggungjawaban pangurus salami taun 2009, mudah-mudahan laporan ieu janten eunteung kapayun pikeun kameukaran, kamajuan Paguyuban Pamitran, amin ya robbal alamin.

Sumedang, 31 Desember 2009

PENGURUS PAGUYUBAN PAMITRAN WARGA RT. 02.RW. IV DSN. TENJOLAYA DS. SUKAGALIH

KEC. SUMEDANG SELATAN KAB. SUMEDANG

KETUA, SEKRETARIS,

ENGKAM KAMTU KARDIYAT ROSIHAN

KEGIATAN GEMPUNGAN PAGUYUBAN AKHIR TH. 2009