Rabu, 06 Mei 2009

Sigana

Sigana mun pareng panjang umur rek sagala diteang
Sigana mun pareng beunghar rek sagala anyar
Sagala gampil jigana moal ngarandapan kasusah
Sagala gampil jigana moal tumiba kagering

Ceuk saha sigana teh moal aya tungtungna
Ceuk saha sigana teh aya untungna
Ceuk saha sigana teh loba kasenang
Ceuk batur sigana teh boa beunghar

Sigana mah asa can lila, katempo buruan nu pinuh ku jukut
Jiga-jigana panyangka keur hoream, katempona jiga sok nguluwut
Kahoream teh jigana bakal moal aya, geuning teu weleh nyampak
Sagala neang pangabetah, teu weleh ngolembar

Jugjugan mah moal jauh dipilampah
Sajeungkal oge jauh teuing
Karek beunta ge geus karasa
Tapina asa jauh nya nyaba.......

Kacape teu di rasa-rasa, da jigana can karasa
Naon atuh udaganana
Asa kosong molongpong

Geus jauh sigana lumampah, tapi sigana asa teu puguh jugjuganana

Sumedang, 06 Mei 2009