Sumedang teh dina tanggal 22 April 2009 panceg nu ka-413, cenah mah Sumedang teh bakal jadi puserna kabudayaan Pasundan, geus tangtu kudu kumaha urang salaku urang Sumedang dina ngamumule kabudayaan, lain wae dina kabudayaan kaseniaanana, tapina oge tradisi kahirupan sapopoe urang Sumedang.
Sacara etnik masyarakat Sumedang teh nyaeta masyarakat Sunda. Mun di tempo tina sudut kabudayaan masyarakat Sunda nu digedekeun di jero lingkungan sosial budaya Sunda sarta dina kahirupanna ngalenyepan sarta ngagunakeun norma-norma jeung nilai-nilai budaya Sunda.

Hiji tradisi nu kacutat dina sajarah Sumedang saprak dipimpin ku Pangeran Aria Soeriaatmadja (Pangeran Mekah) 1882-1919 nyaeta marak lauk, tradisi eta salah sahiji contoh nu masih dilakukeun di tatar Sumedang, aya sababaraha favorit lokasi walungan nu sok dipake marak lauk diantarana misalna walungan Cimanuk di daerah Desa Jemah, di Kacamatan Cadasngampar, leuwiajab, Kacamatan Tomo jeung Prakanraja, Kacamatan Wado. Sedengkeun nu sok dipake ngusep pikeun nu sok raresep nguseup diantarana Cimanuk, Cipeles, Cikandung, Cileuleuy jeung Cihonje.Naon atuh fungsina tur tujuannana baheula sok ngayakeun marak lauk tiap taun nya diantarana nyaeta pikeun ngawanohken pamong jeung rakyatna.
Lain eta wungkul tangtuna oge kabudayaan nu aya di tatar Sumedang, masih rea keneh, kaabus kaulinan barudak, nu beuki dieu geus teu katempo.
Punten bae sim kuring sanes ahli sajarah komo deui ngaguar sajarah Sumedang, ah keun da etamah aya dina Buku oge jeung aya ahlina nu tiasa ngaguar tatar Sumedang.
Tapi nu penting kudu kumaha ayeuna urang salaku urang Sumedang dina ngamumule kabudayaan khususna kabudayaan tatar Sumedang.
Sumedang teh paku sarakan urang. Urang di Sumedang pedah butuh jeung betah, lembur luhur pangupukan, lemah datar pangapakan, lamping pasir anu asri lengkob ngemploh panohoban. Palias Sumedang matak sareukseuk anu ngageugeuh, teu genah anu bumetah, boro-boro ka geugeut paheut leubeut ku kameumeut. Paralun nepi ka suwung kunu harurung, pantrang anu harerang, matak karusut marungkawut, kalah seja incah balilahan. Pamali mun Sumedang matak sedih kingkin, prihatin ninggal nu cicing, urang ulah linglung kapidangdung, lumaku asa geus jauh padahal teu puguh, ngalalana asa geus cacap padahal boa kamana jeung kumaha.
Sim kuring nulis kalayan make judul "Nyambut Sumedang nu ka 413", nya mareng jeung milangkala Paguyuban Pamitran Warga RT. 02/RW. IV Dsn. Tenjolaya Ds. Sukagalih nu ka 3 taun.