Jumat, 17 April 2009

Milangkala nu ka-3 taun Umur paguyuban



Dina tanggal 22 April 2009 umur Paguyuban Pamitran RT. 02/RW. IV Dsn. Tenjolaya Ds. Sukagalih panceg 3 taun, Alhamdulillah Paguyuban Pamitran Warga RT. 02 anu ditiup-tiup ku para sepuh, ditatap diusap ku balarea, dirojong ku kolot-kolot, dina milangkala anu ka 3 taun geus boga sarana nu ngalancarkeun dina sisi ngokolakeunana.
Tanggal 1 Januari 2009 di Bismilahan kalayan didukung ku para anggota Paguyuban diajar ngalengkah ku ngamangpaateun lahan kosong milik warga satempat tur menang izin nyieun wangunan kasekretariatan, nya dina minggu ka 2 dina bulan Januari 2009 Paguyuban geus ngabogaan kesekretariatan.
Kacida wajarna lamun hiji lembaga nu urusanna ngokolakeun duit masarakat kudu ditata administrasina kalayan apik, hal eta pikeun nunda hiji kapercayaan.
Geus pasti dina pangladenna oge kudu leuwih nyangharepkeun pikeun kapentigan masyarakat sabudeureunana.
Dina ngalalakonna salila 3 taun Paguyuban Pamitran Warga RT. 02 geus tangtu dina sisi kamangfaatnnana pikeun warga khususna warga RT. 02 geus karasa, atuh geus tangtu dina salila 3 taun eta Paguyuban Pamitran Warga RT. 02 geus rea masalah nu karandapanna.
Naon wae sisi kamangfaatanna Paguyuban Pamitran pikeun warga khususna Warga RT 02 ?, atuh naon bae permasalahan nu karandapan ku Paguyuban Pamitran RT. 02 ?, ah...teu kudu diwincik hiji-hiji, nu jelas warga geus ngamangpaatkeun pikeun nyimpen sabagian hasilna, atuh oge geus nginjeum pikeun kaperluanana, naon wae masalahna nya ngarana lembaga keunagan nu danana ti masarakat keur masarakat sok aya wae anu macet, nu antukna ngahambat oge dina ngagolangkeun dana nu aya dilaluar.
Tapina nya alhamdulillah, ari ku leukeun mah kumaha wae carana nu penting teu ngabeuratkeun masyarakat, antukna dana nu diinjeumken ka warga bisa balik deui sok sanajan rada lengle dina muterkeunana.
Aya nu dipiharep pikeun kahareupna pikeun Paguyuban Pamitran teh, nya mudah-mudahan wae kapayunna sing langkung pareng dina usahana, da urang mah darma ngaihtiaran, tetep mayeng nyumponan kawajiban, sing tetep lempeng taya kuciwana, taya halangan harungana, bareng jeung warga nepi ka aparat pamarentahan nu aya, palias keuna ku hama wereng.
Paguyuban Pamitran Warga RT. 02 estu mun punjul lain ku diajul, palias dempak pedah di tepak, kahareup neuktek sajeujeur, katukang nilas saregang, kahareup sing jeueuh pakeun, katukang aya nyesana, kagigir masingna mahi, kaluhur nyumponan papagon Gusti Nu Maha Agung, ka handap tetep nganteng hubungan papada warga, togmolna aya dina kaberkahan Alloh Swt.. Amin..amin...
Teu kinten nganuhunkeunana tantosna kana dorongna miwah pangjeujeuhna ka para Pangurus khususna ti warga oge aparat kalebet RT-na, RW-na oge Bapa Kades Sukagalih.
Sakitu bae nu kapihatur, wasalam 18 April 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar