Sabtu, 13 Agustus 2011

Nyieun Bedug

Harita teh tanggal 12 Agustus 2011..meneran bulan puasa, balik taraweh, jigana teh geus garetek we ku hayang nyarieun bedug, pedah bedug nu aya geus tarotos, maklum keuna ku umur katurug-turug bedug nu aya tina dreum nya atuh tihiangan.
Pedah we aya kulit sapi meunang meuli basa rek munggahan, batur mah muru dagingna ari kuring muru kulitna..dasar kudu manjang ampir saminggu kulit dipoe sanggeus garing ukur dirariung da geuning nyieun bedug nu alus mah cenah kudu aya waragad nu gede.
Dasar kudu riweuh sarerea..akhirna teu burung jadi oge direreyang...ha..ha...pikaseurieun nyieun bedung bakating ku hayang kapake ke malem takbiran diriung ku ampir 20 urang mah diburuan.
Nambahan deui kawaas diburuan teh ......
kulit munggahan teu burung jadi bedug...der ah ke urang takol rame-rame mang....ha..ha..ha..

Urat-oret....

Sampurasun.....

Asa hayang urat oret ngenaan etika islam masalah Bisnis

Mun ditempo dina filosofis anu kudu dibangun dina pribadi Muslim nyaeta konsep hubungan papada jalma jeung lingkunganna, sarta hubungan manusa jeung Allah Swt, ceuk dina bahasa agamana mah dikenal istilah hablum minallah wa hablumminannas. Dina landasan ieu maka satiap muslim anu berbisnis atawa nyieun kagiatan usaha bakal ngarasa aya kahadiran “pihak katilu” ( Allah Swt) dina satiap aspek kahirupan. Kayakinan eta kudu jeung wajib aya dina diri urang salaku muslim dina usaha atawa “berbisnis”. Hal ieu lantaran bisnis dina Islam teu samata-mata orientasina kana dunia, tapi kudu boga visi akhirat anu jelas.

Lamun oreintasina bisnis jeung upaya investasi akhirat diniatan ibadah jeung mangrupa kataatan ka Allah Swt, maka bisnis bakalan sajalan reujeung kaidah-kaidah moral anu boga landaan kaimanan ka akhirat. ...nya intina mah sagala mangrupa kagiatan urang, urang niatan “ibadah” pikeun ngaraih kauntungan atawa pahala akhirat.