Kamis, 10 September 2009

Bulan Puasa - Rhamadan 1430 H

Keasyikan teuing Facebookan akhirna aya ka poho nulis dina blog...kajeun teuing taya nu maruka oge ieu blog...nya rek diibaratkeun "Buku Memoryna" kagiatan kuring sapopoe...he..he...
Teu karasa bulan teh geus nincak bulan Suci Rhamadhan 1430 H, bulan nu di tunggu-tunggu..telat oge kuring tulas-tulis puasa geus ampir 20 poe ti tanggal 22 Agustus 2009 mimiti puasa.
Ngenaan Paguyuban nu diurus ...karasana ku kuring asa ditetelerkeun padahal masyarakat nungguan ojahna kalayan boga peran nu kacida dina bulan eta kaitannana eujeung ngarame-rame dina bulan Suci Romadhon.
Alhamdulillah..geuning teu burung aya kagiatan khususna keur barudak nya kungayakeun pasantren kilat salila dua minggu.
Lain hoream...lain seunggah ngurus Paguyuban nu geus dibobotohan salila tilu taun..tapi beuki dieu juntrungna teh geuning jadi andelan pisan warga nu aya di lingkungan kuring.
Rek kumaha atuh ...sedengkeun kamampu kuring saeutik..dukungan mah tiditu tidieu.

Teuing naon nu ngaganjel ieu teh, kalah jiga-jiga kurang sumanget..naha ieu teh hiji kabosen lantaran geuning teu weleh nyieun kagiatan samodel kieu oge nu hasilna pikeun kapentingan masyarakat teu leupas tina meunang fitnah...nya meureun nu boga rasa syirik kitu?

Asa piraku deuih...
Mudah-mudahan bae ieu teh hiji tangtangan pikeun kamajuan organisasi paguyuban tandana rek maju..
Hikmahna nu dipiharep pikeun kuring...
Bulan Rhomadhon teh bulan Suci .....bulan pinuh barokah, mudah-mudahan bae, kuring bisa ngajaga rasa .tur bisa ngajalankeun amanah.
Awut-awutan kuring nulis ..teu puguh alang ujurna..

Urang leukeunan bae nepi kamana kamampu kuring pikeun majukeun eta Paguyuban ..da ditempo tina kagiatan atuh karasana pikeun masyarakat tangtuna geus karasa yen juntrungna Paguyuban aman tur masih jalan.
Mudah-mudahan Gusti Nu Maha Agung nangtayungan.
Amin........

Tidak ada komentar:

Posting Komentar